RUPA-RUPA LEUMPANG
(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda)
Ku: Iing Firmansyah
Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak.
Déog/péngkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok.
Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho.
Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté.
Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki.
Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté.
Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering).
Jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.
Képoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (méh kawas aksara x).
Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu rembet kakayon.
Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun atawa éra.
Narabas = leumpang di nu bala atawa di nu rembet kalawan teu miduli cucuk, jsb.
Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek).
Néléndén = leumpang budak, anca, pikalucueun.
Nelenyeng = leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang.