COPAS Status Fauzi Salaka
1. SESEBATAN KA JALMA (tina Dokumen SALAKANAGARA)
Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta:a) Ngabantun tina benten yuswa,b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana,c) Ngabantun tina tingkah-laku, sarengd) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.
A. SESEBATAN KA JALMA, NGABANTUN TINA BENTEN YUSWA
Jabang bayi = orok nu masih keneh dina lebet kandungan.Orok = Ti ngawitan dilahirkeun, dugi ka tiasa calik.Budak/murangkalih = Ti ngawitan tiasa calik, dugi ka bade rumaja.Lelengkah halu = Budak nuju diajar leumpang.Kembang buruan = Budak nuju sesedengna pikayungyuneun.Bilatung dulang = Budak sesedengna resep barangtuang.Parawan,cawene,mojang = Istri nu nincak rumaja (tacan nikah).Jajaka, bujangan = pameget, nincak rumaja (tacan nikah).Parawan jekekan = Parawan sesedengna rumaja.Bujang jenglengan = pameget sesedengna rumaja.Beger = mangkat birahi, pameget ngawitan resep ka istri, ngawitan istri resep ka pameget.Baleg tampele = Beger(pameget), binarung rasa isin/sieun.Galak Sinongnong = Beger(istri), ti katebihan wanton, tos caket, isin.Turun Amis Cau = Rumaja putrid, nu nembe kaluar rambut lemes/bulu, tina luhureun taar. Cirina, soanten halimpu, resep dangdos/ngageulis.Sengserang panon = Parawan/rumaja sesedengna resep ka pameget.Ngemboan = Rumaja/pameget, nu soantenna ngawitan ngaageungan, salira sembada, ngawitan bijil kumis lemes.Bujang tarangna = Pameget, nu tos kawin, tapi tacan nikah.Parawan kolot = Istri nu yuswana tos langkung ti 28 taun, tacan nikah.Bujang kolot = Pameget nu tos yuswa 40 taun, tacan nikah.Randa = Istri nu tos dipirak/ditalaq.Randa bengsrat = Istri nu tos, dipirak, tapi tacan kulem sagebrug( parawan keneh).Randa maesan = Istri nu dikantun maot ku pamegetna.Duda maesan = Pameget nu dikantun maot, ku istrina.Turun karanjang= Pameget nu dikantun maot ku istrina, nikah ka adi-beuteung.Gulangkep = Nikah ka wargi/pamili.Beger mindo = Beger ka dua (yuswa 30 taunan).Umuran/Meunang umur = Yuswa 40 taun.Tengah tuwuh = Yuswa 50 taun.Cueut ka hareup = Yuswa langkung ti 50 taun.Tunggang gunung = Yuswa langkung ti 60 taun.Sengserang padung = Tos sepuh pisan.Tawehwoh = Tos sepuh pisan, waosna tos arompong.Tokroh-tokroh = Tos sepuh pisan, mapahna nganggo teteken/iteuk.Pikun = Tos sepuh pisan, emutanana tos mulih deui sapertos murangkalih.Pancakaki = Rundayan turunan. Conto: Nini/aki- indung/bapa - anak - incu - buyut - bao - janggawareng - udeg-udeg - kait/gantung siwur - laer. Pancakaki sanesna: Lanceuk - adi - paman - bibi - ua/toa - alo - suan - lanceuk misan - lanceuk sabrayna - adi misan - adi sabrayna.Dulur/Dulu pet ku hinis = Adi/lanceuk saibu-sarama.Dulur saindung = Ibuna sami, ramana benten.Dulur sabapa = Ramana sami,ibuna benten.Dulur pateterean = Istri/pameget, nikah, pada gaduh/nyandak putra ti nu tipayun.Dulur sasusu = Nu nyusuna ka ibu nu sami.Dulur sabrayna/Dulur misan = Putra rayi, atanapi putra raka.Dulur mindo =Putra dulur misan.Kulawarga = Ibu,rama,putra.Pamili = Anu saturunan atanapi sakocoran ti ibu/rama.Baraya = Anu sami sarundayan dina pancakaki.Deungeun-deungeun = Batur, taya patula-patalina sareng pancakaki.Baris wali = pameget turunan ti rama.Panganten =Istri/pameget nu ditikahkeun.Bebene = Kabogoh (istr)/piistrieun.Beubeureuh= Kabogoh (pameget) /pisalakieun.Beubeureuh maneuh = Caroge/salaki.Patih goah = istri/pamajikan.Batur sakasur =istri-pameget/salaki-pamajikan.
B. SESEBATAN KA JALMA NGABANTUN TINA RUPA/WANDA/KAAYAANANA
Montok = awakna seseg tur sehat.Bongsor = Haloghog=Enggal ngaageungan.Kutet = salirana alit wae.Belekesenteng = Buta-tulang,buta-daging,meujeuhna gede wawanen, rosa tanaga.Geulis = istri nu gaduh rupa sae.Kasep = Pameget nu gaduh rupa sae.Bahenol = istri geulis taya cawadeun, pikabitaeun pameget.Songgeng = Bujurna nonjol ka pengker, cangkengna dengkeng.Telebeng =Bebeng/rada lintuh, teu aya cangkengan.Budayut = Bureuteu, patuangan nyemplu.Gembru = Budak lintuh.Lenggik = Istri nu cangkengna alit.Ceking = salirana alit/begang.Bayuhyuh = Pameget nu lintuh.Bucitreuk = Patuangan ageung/nonjol, salira alit.Pacer = Bitisna alit.Gembil = Pipina lintuh.Bongkok = Tonggongna bengkung.Bongkok meongeun = Bengkung palebah punduk.Jebleh = lambey handap ngampleh.Jeding = Lambey luhur nyudik.Denggol = Tarangna nongnong.Deleng = panempona/panenjona = menceng.Ciriwis = rambutna carang.Beke = salirana pendek.Peang = salirana kuru, teu saimbang sareng jangkungna.Pincang = sampeanana alit sapalih.Pinced = Tetepokanana(Sakedik luhureun pingping/caket birit), luhur sapalih.Rijep = socana sering ngerejep/keukeureuceuman.Ngohngor = Waosna nonjol ka payun.Tonggar = waos luhur nonjol ka payun.Deog-pengkor = Ngagepor teu tiasa mapah.Bedegul = Salirana besekel.Bopeng = Dina damis (pipi) seueur ceda tilas cacar.Pecak = socana teu ningal sapalih (sabeulah).Bewosan = Pipi sareng gado pinuh ku bulu.Sipit = Siki socana ali (sapertos soca Cina/Jepang).Bolotot = siki socana ageing.Rebing = Daun cepil (ceuli)na rubak.Lolong = socana teu ningal, duanana.Rejeh = biwir socana beureum tur caian wae.Pengkeh = Sampeanana leter 0.Teklok = sampeanana leter x .Egang = mapahna ngageang, sapertos murangkalih nu nembe disepitan.Ponges = pangambungna cacad.Suwing = Lambey luhurna mung sapalih/cacad.Butak = Rambutna teu janten/murudul/dugul semu herang.Pireu = Teu tiasa nyarios.Torek = Teu tiasa ngadangu/nguping.Cadel = Nyariosna teu bentes, lebah nyebat huruf R.Candael = nyariosna anca.Gehgeran = Sok nurutan cariosan atanapi gerak batur/latah.Saliwang/liwar = sering lepat nguping/sapertos nu kirang dangu.Sumbiar = Upami ningal, teu anteb, kamana karep.Mikung = Cepilna alit, daun cepilna kewung(semu murungkut).Cameuh = Gadona nyueut ka payun.Kampeng = Sirahna penjol.Buntet = Salirana pondok.Jebrag = Dampal sampeanana meber ka gigir.Kiting = Rema/Ramona merengkel.Kempreng = pananganana paeh teu tiasa diobahkeun.Cenggsehan = Remana aya nu dempet.Keueuseun = Waos murangkalih aya teu janten sapalih, dugi ka siga ompong.Karehol = Waosna teu beres.Galing = rambutna merengkel.Galing muntang = Galing tungtungna wungkul.Kempot = Damis/Pipina ngalewo upami imut, sapertos liang undur-undur. bIasana istri. Sok nambihan geulis.Bule = Kulit sareng rambutna sapertos Walanda.Hideung santen = Semu hideung, mulus sareng beresih.Gondok = panyawat dina tenggek (beuheung), ngagayot.Gondok-laki = bagian tulang genggerong/tikoro nu nonjol(dina tenggek pameget).Sengkek = Tenggekna/beuheungna pondok.Ompong = waosna parunglak.Harigu-manukkeun = Dadana rada nonjol ka payun.Taktak-korangeun = Taktakna mudun (teu simetris), sapertos korang.Hulu-peutieun = Sirahna alit, teu saimbang sareng salirana.Beuteung-anjingeun = Patuanganana neros ageung ka luhur, sapertos beuteung anjing.Beuteung-bangkongeun = Patuanganana rubak ka gigir.Bengo = Baham/sungutna menyon ka kiwa/tengen. Biasana akibat struk, incok, atanapi nyabut waos lalawora.
C. SESEBATAN KA JALMA NGABANTUN TINA PATOKAN TINGKAH-LAKU
Kokoro -nyoso = malarat,Getas - harupateun = Mutuskeun hiji perkara tara dipikir heula.Gereges -gedebug = gurunggusuh, Lesang - kuras = teu bias nyekel/nyimpen rejeki.Pareumeun - obor = teu apal jujutan turunan.Heuras - genggerong = embung eleh.Heuras - beuheung = idem.Tiis - pikir = tenang hate.Paeh - baseuh = paeh ditandasa.Goreng - sungut = resep ngagorengkeun batur.Anak - emas = kakasih, anu leuwih dipikanyaah.Anak bulu taneuh = turunan bapa tani.Kurang- saeundan = kurang ingetan.Belang - bayah = hade diluarna dijero na mah goreng.Handap asor, handap lanyap = sopan santun.Siksik - melik = belikan.Buntut - kasiran = medit.Alus kukulinciranana = gede milik.Hejo - tihang = anu resep pundah-pindah imah/digawe.Ceplak-pahang = ngomongna matak pinyerieun batur.Geledug – ces = jangjina mulek tapi teu tulus.Maliding sanak = pilih kasih.Goong nabeh karia = Ngagulkeun sorangan.Batur - sakasur = pamajikan atawa salaki.Dulang - tinande = pasrah ka salaki.Neneh - bonteng = ngan nyaah kana dahareunana wungkul.Hampang - birit = daekan.Hampang - leungeun = sok resep tunggal-teunggeul.Panjang - leungeun = resep ceceremed,Leutik - hate = kurang wawanen/kawani.Ceuli – lentaheun = teu kaop ngadenge sora tuluy hudang.Murag bulu bitis = teu beutah cicing di imah.Peujit - koreseun = teu kuat nahan lapar.Kokolot - begog = nyanyahoanan/budak anu pipilueun kana urusan kolot.(Lajengkeuneun).
*)Kat. Kawilang = kaitung; Yuswa = umur; Kokolot begog = nyanyahoanan; guminter = asa pangpinter.
Rebo 4/4/2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar