Senin, 09 April 2012

Kecap sesebutan Kaayaan


A.      Kaayaan/Sipat Barang

1.       Nuduhkeun warna
Beureum --> euceuy
Bodas --> nyacas
Bodas --> ngeplak
Héjo --> ngagedod
Hideung --> cakeutreuk
Hideung --> meles (dilarapkeun kana buuk jalma atawa bulu sasatoan)
Hideung --> lestreng
Konéng --> enay
Konéng --> umyang


2.       Nuduhkeun Rasa
Amis --> kareueut
Bau --> meledos
Bau --> meledek
Hangseur --> meleding
Haseum --> ngagendil
Lada --> néwéwét
Pait --> molélél
Pangsét --> moléték
Panas --> néréptép
Tiis --> caméwék
Seungit --> melenghir
Seungit --> meleber
Seungit --> ngadalingding

3.       Nuduhkeun Sipat/Kaayaan
Hérang --> ngagenclang
Hérang --> ngagenyas
Poék --> mongkléng
Poék --> meredong
Caang --> mabra
Caang --> ngebrak
Kandel --> kedeplik
Ipis --> nyempring
Pendék --> pédéklék
Pendék --> pédéklék
Panjang --> ngagebay
Gedé --> ngajegir
Leutik --> camperenik

*Dicutat tina PEPERENIAN

Rmb Martadi Kusumah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar