COPAS ti Status Fauzi Salaka
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman.
Biasana dina wangun kecap kantetan.
• Diangeun careuhkeun: Diantep teu didahar atawa dipirosea
• Ieu aing: Boga rasa pangpunjulna, panggagahna, pangbeungharna
• Asak warah: Cukup latihan (didikan). Cirina: henteu dusun, basa jeung paripolahna euweuh nu salah
• Babalik Pikir: Robah lampah jadi hade
• Cacag nangkaeun: Henteu beres, henteu rata
• Carang takol: Saeutik nyaritana, anu diomongkeun teh anu perluna bae
• Elmu ajug: Jalma nu bisa mapatahan kahadean ka batur, tapi manehna sorangan teu ngajalankeun papatahna
• Elok bangkong: Nuju sakarat ngan kari tunggu dawuh bae, keur ngaleupaskeun nyawa
• Ganti pileumpangan: Ganti adat anu tadina hade jadi goreng atawa sabalikna
• Harigu manukeun: Dada jelema nu nonjol ka hareup siga harigu manuk
• Aya buntutna: Aya terusna tina perkara nu nguciwakeun
• Hirup ngabangbara: Ari tempat pikeun matuh mah leutik tur teu tumaninah, tapi lamun kaluar ti imah ginding teu eleh ku batur
• Teu didingding kelir: Diceplakkeun satarabasna taya nu dipinding-pinding
• Elmu sapi: Samiuk dina kagorengan
• Malapah gedang: Malibir henteu jol pok ka nu dipimaksud
• Haseum budi: Leuwih mindeng baeud jeung camberut batan seuri
• Ieu aing: Boga rasa pangpunjulna, panggagahna, pangbeungharna
• Jejer pasar: Lumrah bae, mun ngeunaan lalaki kasep henteu goreng henteu, mun ngeunaan awewe geulis henteu goreng oge henteu
• Ngembang cengek: Mencenges, nenggang ti nu sejen atawa anu panggeulisna
• Teu diambeuan: Teu dipikaserab, teu dipikasieun
• Kumis bangbara ngaliang: Kumis anu nyeseg kana liang irung
• Kawas bayah kuda: Dilarapkeun kana papakean anu warnana geus belel pisan
• Cara embe: Embung mandi sabab sieun ku cai
• Ngadeupaan lincar: Kukurilingan deukeut imah nu keur hajat ngarah diondang
• Ngarangkaskeun dungus: Ari hayang jeung bogohna mah ti bareto, ti keur ngora keneh, ngan kaselang heula ku kawin ka nu sejen. Kakolotnakeun kakara diparengkeun ngajodo
• Gancang pincang: Pagawean nu gancang anggeus tapi hasilna goreng
• Gantung denge: Ngarasa hanjakal henteu terus bisa ngadengekeun, caritana kaburu anggeus
• Handap asor: Daek ngahormat ka batur
Rebo, 4/4/2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar