Senin, 09 April 2012

Wanci Sunda

Fauzi SalakaMANGGA ARAPALKEUN..........WAKTU DI SUNDAWanci janari gedé : kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.Wanci janari leutik : kira-kira tabuh 03.30 – 04.30Wanci balébat : waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)Wanci carangcang tihang : wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)Wanci haneut moyan : waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)Wanci rumangsang : waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)Wanci pecat sawed : waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)Wanci manceran/lohor : waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)Wanci lingsir ngulon : waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)Wanci panonpoé satangtung : ± tabuh 15.00Wanci tunggang gunung : panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)Wanci sariak layung : waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)Wanci sareupna : geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)Wanci sareureuh budak : waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)Wanci tengah peuting : ± tabuh 24.00...cag... 

Rmb Martadi Kusumah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar