Senin, 09 April 2012

PARABOT DAPUR

PARABOT DAPUR ANU DIANYAM TINA AWI(copas ti Uwa Fauzi Salaka)

Cecenting = boboko leutik kaulinan barudakBoboko = Paranti wawadahan (sangu, balanjaan oge sok dipake ngisikan)Pasegan = said kapalangSaid = boboko gedeTotolonto = wangunna saperti tolombong (wadah timbel)Tolombong = Wadah bangsal,atawa hasil palawijaDingkul = sagedeeun tolombongGebog = dingkul gede paranti wadah pareCecempeh = nyiru leutik paranti moekeun lauk asinNyiru = paranti napikeun beas beunang nyosohTampir = nyiru gede paranti moekeun bangsal, sisikianBesek = paranti wadah dahareun dina hajatanTingkem = paranti wawadahan upama nyanyabaan (kikiriman)Sumbul = wadah sanguSumbul garitung = sumbul gede anu aya gantunganana (wadah kadaharan)Tetenong = wadah kadaharanPangangen = paranti (tempat ngakeul)Ayakan = parantingalo huut lemesAyakan gede = paranti nyieun opakAseupan = paranti nyanguHihid = paranti ngageberan waktu ngakeulRombong = wawadahan keur ngala buahPiruruhan = wadah runtahCarangka = paranti wadah jukutRinjing = paranti balanja ka pasarCireung = rinjing anu anyamanana carang dijieun tina hoe


PARABOT DAPUR TINA GARABAH :

Pariuk = paranti ngangeunJajambaran = tempat kukumbahAnglo = hawu leutik paranti ngaliwet, naheur cai.Keren = panti nyieun surabi (anglo leutik)Kekeb = paranti nutupan sagu dinaaseupanCowet = paranti nyambel, ngarujak, ngalotek .Pependil = parandi ngaliwetGentong = wadah caiPaso = saleutikeun jajambaranMutu/gegerus = paranti ngarendos bumbu.

PARABOT DAPUR TINA KAYU JEUNG TI NU SEJENNA :

Seeng = panti nyangu make aseupanAnglo = paranti ngayak tipungGerengseng = paranti nyieun dodol/wajit (tina tambaga)Halu = paranti nutuKele = paranti ngala caiSiwur = paranti nyiuk caiCanting = siwur leutik tina awiSinduk = paranti nyiuk angeun (tina batok kalapa)Koja = wawadahan tina jarringKaneron = kantong tina hoe anu bias dicangklekJojodog = paranti diuk bari nagogDingklik = jojodog jangkung keur diuk waktu gogorengTalenan = Paranti ngahiris bawang atawa bumbu lianaCakil/cangklek = paranti ngagantungkeun siwur, ngaitkeun bobokoTeko = paranti wadah cai pikeun nginumPoci = teko leutikMeno = cangkir leutik taya gaganganParaseuneu = tempat nyimpen bibinihan luhureun hawuKawali = paranti gogorengDongdang = wadah kadaharan(digotong) anu geus asakkeur ondanganBokor = tempat bubuahan tina tambagaTampolong = tempat ngaluah (anu nyeupah)Paidon = I d e mPadaringan = tempat nyimpen beas Goah = ruangan leutik paranti nyimpen beas atawa tempat ngukusKati = paranti nyiuk beas tina batok kalapaKacip = pameulahan jambe (saperti gunting)Cewo = Wadah apu pikeun ngalemarLoloco = paranti ngaloco lemareun (biasa tina tambaga/kuningan sari)Ulakan = pikeun ngageleng jenggel keur nyieun opakSongsong = paranti niup seuneu di hawuCempor = dammar leutik (make minyak tanah)Damar = pikeun nyaangan di dapur (make minyak tanah)Delepak = paranti nyaangan make minyak suukPeso = paranti keukeureut olahan di dapurAbir = peso gede paranti motongan dagingDulang = paranti ngarih atawa ngakeul tina kayuKeda = paranti nyimpen sangu tina kayu nari aya tutupnaGiribig = sabangsa bilik tapi dianyam rarekep keur moe bangsal (pare)

Rmb Martadi Kusumah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar