Senin, 09 April 2012

ÉTIKA KAPAMINGPINAN SUNDA


Status : Fauzi Salaka
Kenging : Dede Kosasih

Kecap etika (ethica) téh asalna tina kecap basa Yunani ethos, nu pihartieunana nya éta
hal-hal anu pakuat-pakait jeung kahirupan batin atawa moral. Jadi nu dipimaksud ku kecap
etika téh nya éta filsafat ngeunaan moral atawa pandangan nu aya patalina jeung moral anu
hadé.
Kapamingpinan, kiwari nu nelah leadership téa, maksudna taya lian iwal ti gambaran
tina sikep pribadi hiji jelema dina mawa nu jadi asuhanana (kolompok pribadi-pribadi atawa
kolompok sosial) enggoning ngudag hiji tujuan nu jadi sasaranana.
Sunda mangrupa hiji bagian ti Indonesia, boh sacara bangsa boh sacara patria, nu
mibanda sajarah kamekaran kahirupan sacara mandiri, nepi ka natrat ciri mandirina dina
kabudayaan, kasenian, basa, adat-istiadat, nya kitu deui pandangan hirupna kalawan geus
gumulung jadi hiji jeung sakuriling bungking alam nu jadi bali geusan ngajadina, nu diwangun
ku hiji wewengkon nu tangtu tur jéntré wates-watesna. Ku sabab kitu mun urang boga karep
rék niténan ethica kapamingpinan Sunda, sawadina wanoh heula tur paham enya kana sagala
rupa nu dianggap hadé sacara moral nurutkeun pandangan hirup masarakat Sunda.
Etika kapamingpinan téh myamhkarik dina rupa-rupa widang kahirupan, ti mimiti jero
kahirupan rumah tangga (laki rabi), dina hirup kumbuh, di paguyuban-paguyuban
kamasarakatan, kanagaraan, tug nepi ka médan laga.


Urang mimitian baé tina sajarah kahirupan Ki Sunda salaku gundukan masarakat. Nya
ti saprak ayana gundukan manusa nu winangun masarakat éta pisan, mucunghulna pamingpin
nu identitasna pangajén ti masarakat anu dipingpinna téh.
Minangka masarakat nu pacabakan utamana ngahuma Ki Sunda enggoning
nyumponan pangupa jiwana téh hirupna teu weléh gugundukan turta salawasna teu dumuk di
hiji tempat. Dina kaayaan kitu pisan saurang pamingpin téh dipikabutuh, nu jadi tujuan
utamana nya éta sangkan bias mawa gundukan masarakat anu dipingpinna téa engoning
ngahontal tujuan poko kalawan lungsur-langsar. Nya éta dina ngabedah leuweung geledegan
anu saterusna dipaké geusan pihumaeun. Pikeun kaperluan éta sin u jadi pamingpin atawa
keuna lamun disebut anu kapilih jadi pamingpin téh kudu bener-bener jalma anu gedé
kasanggupanana sarta lébér wawanén palebah nyingkirkeun sagala rups rereged sarupaning
lelembutan nu mangrupa sétan-siluman, duruwiksa jst, nu jadi pangeusi éta leuweung.
Kudu bener-bener apal tur telek kana kaayaan éta leuweung dutilik tina hadé goréngna
tanah, hawa, waktu nu hadé pikeun dipelakan pare )ngahuma), nya kitu deui ngeunaan
kaayaan caina anu puhara dipikabutuhna pikeun kaperluan sapopoé. Atuh dina kaayaan
kumaha baé ogé kana sagala tindakan gundukan masarakat anu dipingpinna anu kapeto jadi
pamingpin téh salilana kudu aya dina barisan panghareupna. Ngaluluguan jeung nalingakeun
pagawéan sapopoé teu hadé ngandelkeun batur sanajan waktuna remen béakeun pikeun
dipaké mujasmédi muntang-muntang ka Nu Maha Kawasa, nu dipalar sangkan gundukan
masarakat nu aya dina pingpinanana téh meunang pangjaring, di sagigireun dirina sorangan.
Tina hal éta bisa dicindekkeun yén paminpin Sunda mah aya ti dituna kénéh mun seug
dipilih ti antara gundukan masarakat ku gundukan masarakatna téh, kalawan kudu
nyumponan sarat-sarat saperti kieu :

1. Mibanda élmu pangaweruh anu jembar, boh lahir boh batin, satuduh metu saucap nyata, jagjag
waringkas, jangler turta témbong nyongcolang. Hal ieu perlu sangkan bias ngahontal nu jadi
udagan.
2. Boga rasa cinta jeung gedé rasa tanggungjawabna, bersih, clik putih clak hérang, saucap
saparipolah salawasna kaluar tina eusi hate nu pang jerona, henteu munapék, sarta sanggup
jeung wani jadi cikal bugang demi kahontalna nu jadi udagan.
3. Méntalna beresih, luhur jeung hadé moralna, bias geusan picontoeun, kebek ku komara tur
dipikasérab kun u dipingpinna.

Wewengkon leuweung nu ditaluaran, digarap dipaké huma padaleuman, sedengkeun
nu jadi pamingpinna disebut Sembah Daleum. Hartina jalma nu dipuja-puja di wewengkon
padaleuman. Tina kecap éta pisan tumuwuhna kecap Kanjeng Dalem, pangkat pangluhurna
jero masarakat Sunda sabada sirnana nagara dina wangun karajaan.
Tina gambaran etika kapamingpinan Sunda nu geus kasabit tadi bisa kapanggih dina
kahirupan masarakat Baduy kiwari.

Masarakat Baduy nu hirupna mencilkeun manéh, misang ti dunya modéren masih
tetep kénéh dianggap tipeu tina system kahirupan masarakat Sunda tradisional-etis, ditilik tina
kamekaran kapribadianana boh sacara individual boh social. PUUN mangrupa tipeu
kapamingpinan nu kebek ku pangabdian sacara ritual, spiritual, moral, mental dina pacantélna
salaku insan alami. Puun dina ngalaksanakeun pancénna satemenna ditumplekkeun geusan
nyumponan darma bakti anu murni (pure), sagalana taya lian ngan pikeun bakorban. Teu
kapikir saeutik ogé dina ingetan katut jiwa ragana patéah keur kauntungan pribadi.
Babarengan jeung girang serat sakur anu dipigawé jeung dipilampahna téh sagemblengna
diabdikeun keur kapentingan umum. Digawé babarengan, sapapait samamanis jeung
gundukan masarakat anu dipingpinna. Hasil panén diancokeun pikeun kaperluan saréréa. Nu
jadi pamingpin teu nampa atawa nyéngsarkeun paleuleuwihna mangrupa naon baé. Kapeto
jadi pamingpin téh lain keur dipaké agul, tapi dianggap hiji darma suci nu bakal nambahan
beurat kana pangorbanan batin tibatan pikeun dipaké gumagah. Geusan neuleuman sangkan
leuwih paham kana hakékatna, alusna pisan mah urang wanoh heula sarta milu ngarasakeun
ma`na tina babasa, paribasa, katut sarupaning runtuyan kecap sabangsa éta anu aya patalina
jeun sipat kapamingpinan anu étis, nu kiwari bisa kénéh kapanggih dina hasanah kasusastraan
Sunda. Lantaran gelarna babasan, paribasa, katut kedalna rasa téh mangrupa éksprési jeung
réfléksi tina kahirupan batin Ki Sunda atawa nu dijieun falsapah hirupna téa. Parandéné kitu
kecap raja dina istilah basa Sunda, nuduhkeun jalma nu diugung-ugung tur nyumponan étika
kapamingpinan sabagé raja, agung linuhung, turta pinandita, sabar adil palamarta, ngadék
sacékna, nilas saplasna. Tina éta katerangan katangén yén raja agung téh nya éta anu luhung
tur luhur élmuna boh lahir boh batin, kalawan sipat jeung tindakanana adil turta walatra.

Pinandita ngandung harti kandel imanna, ajeg dina pamadegan dibarengan ku kataqwaan anu
kuat ka Nu Nyiptakeun. Boga rasa rumasa jeung tumarima ka Nu Maha Mulya. Jauh tina ieu
aing, ngarasa punjul ti batur. Palias ngarasa “gedé”, sabab ngeunaan gedé-leutikna mah
sagemblengna disérénkeun kana pangajén rahayatna sorangan. Salian ti éta ogé diébréhkeun
yén hiji pamingpin téh ngabogaan sipat lantip, surti, binekas, wijaksana sarta berséka. Lantip
hartina jauh tina sifat kasar, mun nyarita tara togmol. Biasana malapah gedang jeung
diplomatis palebah ngayakeun tindakan jeung nembrakkeun pakarepan téh. Surti ngandung
harti mibanda rasa jeung piker anu seukeut, gancang ngarti kana kahayangna masarakat
kalayan bisa neuleuman kaayaan, ha lieu téh perlu minangka diagnosa sangkan bisa buru-buru
ditéangan piubareunana, tanpa natambuh waktu jeung cara-cara nu teu puguh hulu-buntutna.
Binékas pihartieunana pinter, dina nyokot putusan teu weléh merenah baé tur gancang
ngungkulan kaayaan. Wijaksana hartina pinter nangtukeun pilihan nu panghadéna tanpa réa
nu kudu dikorbankeun. Berséka ngandung harti éta pamingpin kudu bébas tina rereged dunya.
Beresih, saeutik ogé teu kakeunaan ku rupa-rupa kokotor lahir batin nu tumiba kana pikiran,
mental katut moral.

Ku sabab éta masarakat Sunda mah ngambeuan, kaagungan raja téh lain ngan nilik
gumebyarna pakéan jeung hurung nangtungna korsi gading gilang kancana wungkul, tapi
ditilik tina hakékat lahir batin anu kabulen ku sumorotna éta pakéan. Raja atawa pamingpin
téh kudu saciduh metu, sakecap nyata. Hartina sakur anu dicaritakeunana téh kudu bukti luyu
jeung kanyataanana, lain ngan réa catur tanpa bukur. Pamingpin mah pantrang ngalétak
ciduh, maksudna sakur nu geus jadi putusan kudu dilaksanakeun, najan ngandung résiko anu
teu dipiharep. Malah pikeun hiji raja mah naon baé anu dikedalkeunana téh mangrupa hukum
anus ah. Ku kituna kudu “ambek sadu santa budi”. Saméméh ngayakeun tindakan téh
salawasna dibeuweung diutahkeun heula, sanggeus ditimbang-timbang hadé goréngna kakara
diputuskeun. Ninggang dina kacapangan, “ulah hawara biwir leuir pikir”, tapi kudu sabalikna ti
éta. Adil katut kaadilan téh kudu lumaku keur saréréa kalawan walatra, kaasup pikeun dirina
pribadi. Ku lantaran kitu kedalan “ratu tara muguran raja (ménak) tara ngarangrangan” ulah
ngan ukur diinterpretasikeun ku sabab ningrat téh ngan kulantaran kakocoran wungkul, tapi
nu kudu dititénan téh babakuna nya éta karakter, ahlak, kapribadianana atawa kaétikaan
leadershipna anu awor jeung rahayat sacara hakiki, nepi ka gelar kedalan “susuk bendung,
kepung maung, ménak (raja) kudu kapundayan”. Raja wijaksana jeung towéksa, rahayat
babakti sacara satia turta buméla. Raja atawa Dalem dina mangsa katukang nya éta turun
tumurun. Ngan baé nu jadi putra mahkota kudu ngalaman heula atikan anu kacida beuratna
saméméh neruskeun jadi pamingpin. Di antarana kudu maguron di padépokan pikeun ngulik
élmu kalahiran katut kabatinan, geusan marengan otak spiritualna ku élmu pangaweruh hasil
tina ulikanana. Jeung anu pohara pentingna mah nya éta kudu ngalalana heula di saantéro
wewengkon karajaan geusan niténan sacara langsung nasib rahayatna katut neuleuman naon
baé anu jadi aspirasina. Cindekna, saurang pamingpin téh ulah jauh ti rahayatna. Demokratis
dina sajero ngalayanan kahayang rahayatna. Bisa neuleuman katut ngjugjugan nu jadi unekunek
rahayatna. Henteu egois.

Anu katimbang luar biasa deui dina intisari étika kapamingpinan Sunda, yén Raja
Sunda mah sabada ngécagkeun kalungguhanana téh sok terus miang pikeun tatapa di
padépokan. Maksudna keur nebus dosa boh pikeun dirina boh pikeun rahayatna, tina sagala
kaireug talingeuhanana salila ngadarma baktikeun dirina salaku pingpinan bok bisi kungsi
ngarémpak aturan Pangéran. Mungguh agung étika kapamingpinan nurutkeun falsapah Sunda
téh. Antara rahayat jeung rajana teu kahalangan ku tahta nu mibanda unak-anik protocolér.
Tapi ulah poho kana kalungguhan Ua Léngsér (Léngsér-lungsur-langsar-lingsir). Inyana pisan
nu jadi cukangna antara Raja jeung rahayat, kitu deui sabalikna, Léngsér ngemban pancén
pikeun ngalancarkeun hubungan timbal balik antara Raja jeung rahayat sacara langsung.
Sanajan dina pamaréntahan Raja sacara katatanagaraan winangun otoritér tapi ku jalan
ngaliwatan Léngsér téa ahirna jadi demokratis, malah démokratis sacara langsung. Kusabab éta
kalungguhan Léngsér dina komunikasi karajaan leuwih luhur tibatan mentri-mentri Raja.
Malah Raja ogé nyebutna téh mamang. Sok sanajan teu leupas sama sakali tina tatacara
pamaréntahan feudal jeung colonial, tapi saenyana mah réa Dalem Sunda anu nyakrawati
ngabahu dénda sacara wijaksana kebek ku étika kapamingpinan. Nu perlu dikanyahokeun,
yén éta para Dalem ngamilik rajakaya anu lain saeutik, jadi sanajan réa ngaluarkeun harta
bandana pikeun waragad demi seksésna dina sajeroning mingpin rahayat teu sagemblengna
jadi momot pamaréntahna. Para gegedén mibutuh gandék katut badéga, kitu deui tanaga
séjénna anu kudu diwaragadan tina pésak sorangan. Éta sababna baheula mah tara
kacaritakeun aya Dalem di Tatar Sunda korupsi. Kuring mébérkeun conto di luhur téh, lain
maksudna goong nabeuh karia. Lain rék nonjol-nonjolkeun Puunna, Rajana, Dalemna, pon
pilalagih ngaluskeun jaman colonial atawa haying mulangkeun deui pangdangan hirup urang
kana mangsa-mangsa katukang, ngan baé hakékat tina étika kapamingpinanana anu kudu
dicukcruk téh. Lantaran berkah éta étika ka[pamingpinan, sajarah nyatet kajayaan Sunda
baheula, nu geus nganteurkeun kana kaayaan urang kiwari, atuh tina hasil kaayaan ayeuna
mangrupa dasar pikeun ngawangun mangsa nu bakal kasorang. (Di kiwari ngancik bihari, seja
ayeuna sampeureun jaga).

Conto Étika Kapamingpinan
Minangka gambaran ngeunaan kawijaksanaan anu medal tina étika kapamingpinan,
kapidangkeun sawatara hal anu kungsi dilaksanakeun kusaurang pingpinan daérah (Dalem) di
Priangan Wétan. Kumaha baé pasang petana system feodalisme dina pamaréntahan kolonial
henteu miharep ayana tatali batin nu kuat tur raket antara rahayat jeung gegedén nu luhur
kalungguhanana, sabab lamun kitu kajadianana bisa nginggeungkeun kakuatan kolonial.
Kalawan ngagunakeun rupa-rupa cara anu diantarana baé ku dilaksanakeunana system
feodalisme anu keras, para inohong Sunda anu kaasup golongan élmuwan tur gedé komara di
sina jauh ti masarakat, malah dijieun anak emas colonial. Ngan baé éta Bupati (Dalem)
ngajalankeun kawijaksanaan anu unik. Anjeunna sering nguriling di saantéro wewengkon
kabupatén pikeun ngadu langlayangan. Atuh tumplek, jelema téh lalajo. Dina kaayaan sarupa
kitu, ku kawacisanana Dalem téh bisa nangenan tingkat karaharjaan rahayatna, tanpa kudu réa
tatanya deui. Atawa ukur ngandelkeun laporan ti handap. Anjeunna ogé resep bubujeng ka
leuweung, ngadon moro bagong. Maksudna aya dua rupa nya éta :

1. Pikeun nangenan bok bisi réa kénéh tanah anu gamblung anu henteu dipaké keur kapentingan
rahayat (tani)
2. Leuweung geledegan dipiara sabab perlu keur kalangenan Dalem, nya éta bubujeng téa. Ku
kituna sumberna cai henteu kaganggu.

Aya kénéh sababaraha rupa deui kawijaksanaan-kawijaksanaan anu dijalankeun ku
Dalem Arif téh, tapi sakadar pikeun gambaran mah dua rupa éta ogé bawirasa geus cukup. Hal
éta perlu ditétélakeun malah mandar sugrining kawijakanana téh teu disalahtafsirkeun.
Kulantaran kawijakan téh mangrupa bagian tina étika kapamingpinan, nya éta cara anu kacida
asakna, cara panghadéan demi kapentingan anu dipingpin. Sabalikna upama méré kauntungan
semu ka nu diasuhna, anu dina hakékatna mah keur kauntungan pribadi, baris
ngabalukarkeun ayana “suap-sogok”, jsté atawa kajahatan anu disimbutan séjénna.
Ogé perlu kamaphum ngeunaan kapamingpinan jero kolompok masarakat leutik
saperti dusun/pakampungan. Rahayat ngangkat saurang pinisepuh diantara maranéhanana,
nya éta jalma anu nyongcolang tina hal élmu pangaweruh lahir batin, gedé komara, mibanda
moral anu hadé, walagri, tur taqwa ka Nu Kawasa, legok tapak genténg kadék, apal kana seluk
belukna kahirupan di éta kampong, jsté. Eta pinisepuh mingpin maranéhanana sapopoé,
ngatur jeung ngalaksanakeun adapt istiadat, ngajaga tata tertib, mutuskeun mun aya anu
papaséaan antara batur salembur. Inyana sama sakali lain pajabat, digawé tanpa pamrih, tapi
ngabogaan tanggung jawab anu gembleng kana sagala rupa kajadian di kampungna, boh ka
luhur boh ka handap. Kaiklasan téh mangrupa hiji sarat anu utama dina étika kapamingpinan
Sunda. Minangka contona, para pahlawan, para pejoang kamerdikaan urang nu geus ngalawa
kana kakawasaanana kolonial, boh dina gerakan pulitik boh dina pangbarontakan fisik. Inyana
ikhlas ninggalkeun kauntungan pribadi, kasenangan pribadi katut kamerdikaan pribadi. Tanpa
kaiklasan jeung kayakinan, ahirna bakal ngajual rasa, sacara terang-terangan upama baé kélu
nyorobot kalungguhan, sacara demit upama baé kélu ngagasab kakayaan nagara jeung rahayat
keur kapentingan pribadi (korupsi). Étika kapamingpinan Sunda nu dijalankeun dina mangsa
ngagolakna gerakan pulitik di lemah cai urang, contona nu kungsi diterapkeun ku salah
saurang warga Paguyuban Pasundan, nya éta R. Oto Iskandardinata. Sajarah perjuanganana
geus pada mikawanoh, ngan perlu dicatet téh nya éta:

1. Anjeunna téh lébér wawanén, pantrang nyoréang ka tukang enggoning ngabéla
kayakinan, sifatna bruk-brak tara didinding kelir, henteu unggut kalinduan henteu
gedag kaanginan, kusabab nawuku pikeun bajuang lain sakadar hayang kapaké
(ngajilat). Lélétak jeung titip diri sangsang badan kacida dipantrangna.
2. Anjeunna dina ngahontal cita-citana téh éstuning tunggul dirarud catang dirumpak.
3. Dina ngajalankeun hiji tindakan anjeunna mancuh kana “Naon nu jadi kawajiban
kuring di dieu” lain “Naon nu bakal nguntungkeun kuring di dieu”, jsté.

Sikep kitu téh henteu papalimpang jeung bagian étika nu disebut wijaksana jeung
lantip, sabalikna cara pa Oto kaasup binekas, sabab apal kana waktu jeung lawan. Dina
nyanghareupan pamaréntah kolonial atuh puguh baé kudu tandes, togmol, tanpa tédéng alingaling,dina perluna ngagunakeun basa anu karasana matak peureus, kitu mungguhing
pamingpin anu binekas.

Geus dibébérkeun sababaraha conto katut pedaranana. Ngahaja teu dijieun
kacindekanana, lantaran ieu mah maksudna sakadar pikeun pieunteungeun geusan
picukcrukkeun, jeung saupama perlu bisa diturutan nu hadéan. Pék masrahkeun ka para
nonoman kiwari, mana nu rék dicokot jeung rék kamana dibawana masarakat kapamudaan
dina mangsa anu baris kasorang.

Ngan baé rék nandeskeun, sangkan henteu kapacikeuh ku rupa-rupa tipeu atawa
system kapamingpinan kiwari, anu teu mustahil méngpar tina papagon tadi. Kitu deui kudu
dibédakeun harti kecap pajabat jeung pamingpin. Pamingpin tangtuna baé nyangking jabatan,
boh formal atawa informal, tapi can tangtu hiji pajabat mibanda jiwa kapamingpinan anu
sajati. (Dicutat tija : file.epi.edu)
..Rebo, 4/4/2012



Tidak ada komentar:

Posting Komentar