Senin, 09 April 2012

PASIPATAN JALMA

PASIPATAN JALMA Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaeta sipat hade jeung sipat goreng. A. PASIPATAN JALMA NU HADE: Getol = upama digawe henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absen. Rajin = daekan kana gawe Rapekan = sagala pagawean dicabak Wekel = digawe henteu bosenan Singer = kana gawe trampil Berehan = resep barang bere Tanghian = resep hudang isuk-isuk Someah,sarehseh,gerewel = akuan, resep nanya Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki Banteran,wanter = wani henteu eraan Daekan = lamun dititah tara hese Pinter = uteukna sagala bias Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama Parimpen = neundeun barang dina tempatna, henteu asal bae Tartib = ati-ati dina sagala pagawean Satuhu = nurut kana sagala papatah/parentah Apik = Ati-ati kana pagaweann supaya hasilna hade Berseka = apik kana ngurus awak jeung pakean Adil = henteu pilih kasih Wijaksana = mutuskeun hiji perkara pisugemaeun, teu aya pacengkadan Balabah = resep tutulung Basajan = sederhana, henteu kaleuleuwihi dina laku lampah Kandulan = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati ati Suhud = soson-soson kana pagawean Hidep = tara ulin teu puguh Tarapti = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati-ati Antieum = lungguh, henteu loba tingkah Surti = nganyahoankeun kana kaayaan/kahayang batur Deudeuh = Welas asih atawa nyaah ka sasama Bener = pamikiranana nurutkeun aturan hade Sabar = tara ambek Tawekal = dina sagala rupa hal prihatin henteu aral B. PASIPATAN JAMA ANU GORENG: Kebluk = jalma anu hese dihudangkeun Mumulan = embung digawe Deleka = resep nyiksa sasatoan Codeka = geus katohyan kalakuan goring Cunihin, purunyus = tingkah lacuna pikasebeuleun Awuntah = teu bias nyimpen rejeki Rucah = resep miceunan duit teu puguh Cegisan,cegekan = henteu payaan resep ngawada Centil, genjle, ganjen = tingkah lacuna kaleuleuwihi Kuuleun = anu teu aya guam, teu boga kahayang Cileureun = balangah upama di sina tunggu Murugul = mawa karep sorangan Gehgeran = resep pipilueun Nyendeng = awewe baha ka salaki Cengeng, belikan,delitan = gampang putus asa atawa tampaan kana omongan tuluy sedih Coloheor = mata karanjang teu kaop nempo nu geulis Beubeulieun = resep diugung-ugung Orowodol = digawe asal bae Tiktikan = mere resiko (balanja) ngutik-ngutik di tanyakeun Barangasan = gede ambek Bengis = gede ambek sok mergasa Panasbaran = jalma panasan teu kaop kaluhuran dunya Tungi, degeg = bedegong tara daek nanya Campelak, culangung = wani ka saluhureun Limpeuran = pohoan kana teundeun sorangan Teureugeus, seureudeug = digawena gurung gusuh Suudon = goring sangkaka batur NGabalun = indit-inditan kamana karep Saliwang,liwar = salah pangdenge Burahol = gede rahul (wadul) Wangkelang = tara nurut kana papatah Cologog, colonos = teu aya bemakrama Tambelar, joledar = henteu ngariksa ka kolot Bawel = resep nganteurkeun omongan ka batur Cerewed = rewel teu weleh ngomong Pelekik, built, licik = sok ngarah barang atawa ajang keur batur Malaweung = teu husu upama dipapatahan Cidra = bohong kana janji...(Kenging COPAS ti Uwa Fauzi Salaka, 30/3/2012) ..

Rmb Martadi Kusumah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar