Senin, 31 Desember 2012
Senin, 09 April 2012
RUPA-RUPA LEUMPANG
RUPA-RUPA LEUMPANG
(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda)
Ku: Iing Firmansyah
Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak.
Déog/péngkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok.
Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho.
Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté.
Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki.
Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté.
Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering).
Jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.
Képoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (méh kawas aksara x).
Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu rembet kakayon.
Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun atawa éra.
Narabas = leumpang di nu bala atawa di nu rembet kalawan teu miduli cucuk, jsb.
Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek).
Néléndén = leumpang budak, anca, pikalucueun.
Nelenyeng = leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang.
17 PUPUH (PALANGGERAN JEUNG WATEK)
17 PUPUH
(PALANGGERAN & WATEK)
Ku: Iing Firmansyah
Dina pupuh aya nu disebut palanggeran/patokan, nyaéta guru wilangan jeung guru lagu.
Guru wilangan nyaéta lobana engang (B. Ind : suku kata) dina unggal padalisan/jajar.
Guru lagu nyaéta sora vocal engang panungtung dina unggal padalisan.
Lobana padalisan (jajaran) dina unggal pada (B. Ind: bait) gé geus ditangtukeun.
Pon kitu deui, unggal pupuh miboga watek/sipat sewang-séwangan.
Conto guru wilangan jeung guru lagu:
PUPUH KINANTI
Bu-dak leu-tik bi-sa nga-pung (8-u)
Ba-ba-ku nga-pung-na peu-ting(8-i)
Nga-la-yang ka-ka-la-yang-an (8-a)
Né-a-ngan nu a-mis-a-mis (8-i)
Sa-ru-pa-ning bung-bu-ah-an (8-a)
Na-on ba-é nu ka-pang-gih (8-i)
KECAP PANGANTEUR
KECAP PANGANTEUR
Ku : Iing Firmansyah
(dihaturkeun kanggo pangdeudeul pangajaran basa Sunda para putra/putri sadérék)
Dina basa Sunda aya nu disebut Kecap Panganteur, boh kecap panganteur pagawéan boh kecap panganteur kaayaan. Ieu kecap téh gunana pikeun ngantebkeun caritaan. Urang titénan geura...!
Am --> dahar
Barakatak --> seuri
Bek, habek --> dahar
Berebet --> lumpat
Beretek --> lumpat
Béréwék --> soék/soéh
Biur --> 1). Ngapung, 2). lumpat
Blak --> nangkarak
Blok --> bahé
Blug, geblug --> 1). labuh, 2). ragrag/murag (barang gedé sarta beurat)
Bluk --> 1). nyuuh, 2). nangkuban
Blus, geblus atawa bus --> asup, abus
Brak --> dahar, dalahar
Bral --> indit, miang
Kecap sesebutan Kaayaan
A. Kaayaan/Sipat Barang
1. Nuduhkeun warna
Beureum --> euceuy
Bodas --> nyacas
Bodas --> ngeplak
Héjo --> ngagedod
Hideung --> cakeutreuk
Hideung --> meles (dilarapkeun kana buuk jalma atawa bulu sasatoan)
Hideung --> lestreng
Konéng --> enay
Konéng --> umyang
Wanci Sunda
Fauzi SalakaMANGGA ARAPALKEUN..........WAKTU DI SUNDAWanci janari gedé : kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.Wanci janari leutik : kira-kira tabuh 03.30 – 04.30Wanci balébat : waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)Wanci carangcang tihang : wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)Wanci haneut moyan : waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)Wanci rumangsang : waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)Wanci pecat sawed : waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)Wanci manceran/lohor : waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)Wanci lingsir ngulon : waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)Wanci panonpoé satangtung : ± tabuh 15.00Wanci tunggang gunung : panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)Wanci sariak layung : waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)Wanci sareupna : geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)Wanci sareureuh budak : waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)Wanci tengah peuting : ± tabuh 24.00...cag...
Rmb Martadi Kusumah
Rmb Martadi Kusumah
PASIPATAN JALMA
PASIPATAN JALMA Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaeta sipat hade jeung sipat goreng. A. PASIPATAN JALMA NU HADE: Getol = upama digawe henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absen. Rajin = daekan kana gawe Rapekan = sagala pagawean dicabak Wekel = digawe henteu bosenan Singer = kana gawe trampil Berehan = resep barang bere Tanghian = resep hudang isuk-isuk Someah,sarehseh,gerewel = akuan, resep nanya Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki Banteran,wanter = wani henteu eraan Daekan = lamun dititah tara hese Pinter = uteukna sagala bias Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama Parimpen = neundeun barang dina tempatna, henteu asal bae Tartib = ati-ati dina sagala pagawean Satuhu = nurut kana sagala papatah/parentah Apik = Ati-ati kana pagaweann supaya hasilna hade Berseka = apik kana ngurus awak jeung pakean Adil = henteu pilih kasih Wijaksana = mutuskeun hiji perkara pisugemaeun, teu aya pacengkadan Balabah = resep tutulung Basajan = sederhana, henteu kaleuleuwihi dina laku lampah Kandulan = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati ati Suhud = soson-soson kana pagawean Hidep = tara ulin teu puguh Tarapti = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati-ati Antieum = lungguh, henteu loba tingkah Surti = nganyahoankeun kana kaayaan/kahayang batur Deudeuh = Welas asih atawa nyaah ka sasama Bener = pamikiranana nurutkeun aturan hade Sabar = tara ambek Tawekal = dina sagala rupa hal prihatin henteu aral B. PASIPATAN JAMA ANU GORENG: Kebluk = jalma anu hese dihudangkeun Mumulan = embung digawe Deleka = resep nyiksa sasatoan Codeka = geus katohyan kalakuan goring Cunihin, purunyus = tingkah lacuna pikasebeuleun Awuntah = teu bias nyimpen rejeki Rucah = resep miceunan duit teu puguh Cegisan,cegekan = henteu payaan resep ngawada Centil, genjle, ganjen = tingkah lacuna kaleuleuwihi Kuuleun = anu teu aya guam, teu boga kahayang Cileureun = balangah upama di sina tunggu Murugul = mawa karep sorangan Gehgeran = resep pipilueun Nyendeng = awewe baha ka salaki Cengeng, belikan,delitan = gampang putus asa atawa tampaan kana omongan tuluy sedih Coloheor = mata karanjang teu kaop nempo nu geulis Beubeulieun = resep diugung-ugung Orowodol = digawe asal bae Tiktikan = mere resiko (balanja) ngutik-ngutik di tanyakeun Barangasan = gede ambek Bengis = gede ambek sok mergasa Panasbaran = jalma panasan teu kaop kaluhuran dunya Tungi, degeg = bedegong tara daek nanya Campelak, culangung = wani ka saluhureun Limpeuran = pohoan kana teundeun sorangan Teureugeus, seureudeug = digawena gurung gusuh Suudon = goring sangkaka batur NGabalun = indit-inditan kamana karep Saliwang,liwar = salah pangdenge Burahol = gede rahul (wadul) Wangkelang = tara nurut kana papatah Cologog, colonos = teu aya bemakrama Tambelar, joledar = henteu ngariksa ka kolot Bawel = resep nganteurkeun omongan ka batur Cerewed = rewel teu weleh ngomong Pelekik, built, licik = sok ngarah barang atawa ajang keur batur Malaweung = teu husu upama dipapatahan Cidra = bohong kana janji...(Kenging COPAS ti Uwa Fauzi Salaka, 30/3/2012) ..
Rmb Martadi Kusumah
Rmb Martadi Kusumah
BIANTARA PANGANTENAN
CONTO : Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon PanganténBiantara Sesepuh ti Calon Pangantén Lalaki
(COPAS TI UWA FAUZI SALAKA)
Saleresna mah ieu téh masih kénéh rénghap ranjug. Nembé pisan dongkap, tos dipiwarang biantara. Padahal ari kahoyong mah teras ngagolér, wantuning lalampahan ngajajapkeun calon pangantén téh kacida tebihna, di jalan ogé dugi ka opat dinten opat wengi. Nanging da haté mah kebek ku kabingah, ku kituna, simkuring ngahaturkeun: Assalamu’alaikum Wr. Wbr.
PARABOT DAPUR
PARABOT DAPUR ANU DIANYAM TINA AWI(copas ti Uwa Fauzi Salaka)
Cecenting = boboko leutik kaulinan barudakBoboko = Paranti wawadahan (sangu, balanjaan oge sok dipake ngisikan)Pasegan = said kapalangSaid = boboko gedeTotolonto = wangunna saperti tolombong (wadah timbel)Tolombong = Wadah bangsal,atawa hasil palawijaDingkul = sagedeeun tolombongGebog = dingkul gede paranti wadah pareCecempeh = nyiru leutik paranti moekeun lauk asinNyiru = paranti napikeun beas beunang nyosohTampir = nyiru gede paranti moekeun bangsal, sisikianBesek = paranti wadah dahareun dina hajatanTingkem = paranti wawadahan upama nyanyabaan (kikiriman)Sumbul = wadah sanguSumbul garitung = sumbul gede anu aya gantunganana (wadah kadaharan)Tetenong = wadah kadaharanPangangen = paranti (tempat ngakeul)Ayakan = parantingalo huut lemesAyakan gede = paranti nyieun opakAseupan = paranti nyanguHihid = paranti ngageberan waktu ngakeulRombong = wawadahan keur ngala buahPiruruhan = wadah runtahCarangka = paranti wadah jukutRinjing = paranti balanja ka pasarCireung = rinjing anu anyamanana carang dijieun tina hoe
ÉTIKA KAPAMINGPINAN SUNDA
Status : Fauzi Salaka
Kenging : Dede Kosasih
Kecap etika (ethica) téh asalna tina kecap basa Yunani ethos, nu pihartieunana nya éta
hal-hal anu pakuat-pakait jeung kahirupan batin atawa moral. Jadi nu dipimaksud ku kecap
etika téh nya éta filsafat ngeunaan moral atawa pandangan nu aya patalina jeung moral anu
hadé.
Kapamingpinan, kiwari nu nelah leadership téa, maksudna taya lian iwal ti gambaran
tina sikep pribadi hiji jelema dina mawa nu jadi asuhanana (kolompok pribadi-pribadi atawa
kolompok sosial) enggoning ngudag hiji tujuan nu jadi sasaranana.
Sunda mangrupa hiji bagian ti Indonesia, boh sacara bangsa boh sacara patria, nu
mibanda sajarah kamekaran kahirupan sacara mandiri, nepi ka natrat ciri mandirina dina
kabudayaan, kasenian, basa, adat-istiadat, nya kitu deui pandangan hirupna kalawan geus
gumulung jadi hiji jeung sakuriling bungking alam nu jadi bali geusan ngajadina, nu diwangun
ku hiji wewengkon nu tangtu tur jéntré wates-watesna. Ku sabab kitu mun urang boga karep
rék niténan ethica kapamingpinan Sunda, sawadina wanoh heula tur paham enya kana sagala
rupa nu dianggap hadé sacara moral nurutkeun pandangan hirup masarakat Sunda.
Etika kapamingpinan téh myamhkarik dina rupa-rupa widang kahirupan, ti mimiti jero
kahirupan rumah tangga (laki rabi), dina hirup kumbuh, di paguyuban-paguyuban
kamasarakatan, kanagaraan, tug nepi ka médan laga.
Orang Sunda : Siapakah Dia ?
Status : Fauzi Salaka Kenging : Fauzi Salaka dan Mang Lintrik
Banyak teori yang mengatakan bahwa manusia Sunda berasal dari daerah lain, seperti datang dari tanah Yunan. Migrasi manusia purba masuk ke wilayah Nusantara terjadi para rentang waktu antara 100.000 sampai 160.000 tahun yang lalu sebagai bagian dari migrasi manusia purba "out of Africa". Ras Austolomelanesia (Papua) memasuki kawasan ini ketika masih bergabung dengan daratan Asia kemudian bergerak ke timur, sisa tengkoraknya ditemukan di gua Braholo (Yogyakarata), gua Babi dan gua Niah (Kalimantan). Selanjutnya kira-kira 2000 tahun sebelum Masehi, perpindahan besar-besaran masuk ke kepulauan Nusantara (migrasi) dilakukan oleh ras Austronesia dari Yunan dan mereka menjadi nenek moyang suku-suku di wilayah Nusantara bagian barat. Mereka datang dalam 2 gelombang kedatangan yaitu sekitar tahun 2.500 SM dan 1.500 SM (Wikipedia, 2009).
Kabeungharan Basa
COPAS Status Fauzi Salaka
1. SESEBATAN KA JALMA (tina Dokumen SALAKANAGARA)
Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta:a) Ngabantun tina benten yuswa,b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana,c) Ngabantun tina tingkah-laku, sarengd) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.
Paribasa nu aya patalina jeung kendang:
COPAS TI STATUS
Ki Dulur Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi :
1. Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan= nanggap omongan jelema kurang saeundan
2. Cul kendang tinggal ngengklak= migawe pagawean nu kurang penting, bari ninggalkeun kawajiban nu leuwih penting.
3. Lir kendang pegat rarawatna =putus cinta bisa nyambung deui, tapi bakal katempo codekana
4. Kendang bajidor dipake kliningan= nempatkeun hiji hal lain di tempatna (teu merenah)
5. Lir kendang teu diancakan=jelema nu imanna teu kuat
6. Kendang nabeuh maneh = umaing/ sombong..
Rebo 24/4/2012
Babasan
COPAS ti Status Fauzi Salaka
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman.
Biasana dina wangun kecap kantetan.
• Diangeun careuhkeun: Diantep teu didahar atawa dipirosea
• Ieu aing: Boga rasa pangpunjulna, panggagahna, pangbeungharna
• Asak warah: Cukup latihan (didikan). Cirina: henteu dusun, basa jeung paripolahna euweuh nu salah
• Babalik Pikir: Robah lampah jadi hade
• Cacag nangkaeun: Henteu beres, henteu rata
• Carang takol: Saeutik nyaritana, anu diomongkeun teh anu perluna bae
• Elmu ajug: Jalma nu bisa mapatahan kahadean ka batur, tapi manehna sorangan teu ngajalankeun papatahna
• Elok bangkong: Nuju sakarat ngan kari tunggu dawuh bae, keur ngaleupaskeun nyawa
• Ganti pileumpangan: Ganti adat anu tadina hade jadi goreng atawa sabalikna
• Harigu manukeun: Dada jelema nu nonjol ka hareup siga harigu manuk
• Aya buntutna: Aya terusna tina perkara nu nguciwakeun
• Hirup ngabangbara: Ari tempat pikeun matuh mah leutik tur teu tumaninah, tapi lamun kaluar ti imah ginding teu eleh ku batur
• Nyoo gado: Ngaheureuyan jelema anu pantesna dihormat
DONGENG SUNDA : HAYAM KONGKORONGOK
COPAS STATUS Uwa Fauzi Salaka..DONGENG SUNDA : HAYAM KONGKORONGOK SUBUH.Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo....(dicutat tina : blog dongeng sunda)
Langganan:
Postingan (Atom)